Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Sampurna Rasa Ingsun


Sampurasun Dulur....

Amit ampun nya paralun
Agungna ka wujud Gusti nu Maha Suci
Jembarna ka para luluhur
Sabuder Alun Ka Ibu agung ka Rama agung

Ka ibu anu teu muguran ka rama anu mugaran,
Deuheus na ka ibu-rama
Nu jadi cukang lantaran urang gumelar di pawenangan
Nyang ga keun sadaya daya

Sasaji sapuratina nampi sari nampa rasa
Pangasih ti ibu pertiwi bumi agung bumi alit
Silokaning pusaka diri

Urang kamanusa nu sarasa
Nusasari titis waris nu sajati
Tos jadi uga nu natrat dina waruga

Gumulung jadi sumsum jadi balung jadi pagal kawasa
Sumujud kanu Maha Agung sumembah kanu Maha Kawasa
Sangkan hudang alam rasana, sangkan nyaring alam pikirna
Salawasna ngadeg ka eling

Manawi bahan katami nyanggakeun kaula
Gusti sadaya daya pangawasa kagungan Anjeuna
Geusan netepkeun dina katunggalan
Wujud Gusti nu Maha Suci,

Mugi Sim Abdi
Jadi jelma anu manut kana rasa
Panceg pageuh lalakon Kahirupan
Dina diri anu cageur,
Dina adat anu bageur,
Dina polah anu bener,
Dina pangarti anu pinter
Sangkan pinanggih tilulur
Rahayu bagja waluya
Hirup waras jati walagri
Nagri sampurna rahayu
Rahayu kersaning Gusti.
Share: