Desa sarijaya Kec.Majalaya Kab.Karawang - Jawa barat

Dua Kitab Karatuan ti Sunda Ngalahirkeun Pamingpin Nusantara


Heunteu kabéh nyaho, kaasup sabagéan gedé kalangan sejarahwan, yén di tanah Sunda kungsi lahir kitab-kitab istiméwa anu ngalantarankeun raja-raja Jawa Dwipa nyongcolang jeung kakoncara sa Asia Tenggara. Salah sahijina nyaéta Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, kitab anu eusina taktik tempur kamilitéran.

Raden Senjaya téh raja munggaran anu sanggup ngahijikeun Nusantara. Inyana ngabogaan stratégi perang jeung tata-nagara. Nampa jujuluk Sang Taraju Jawa Dwipa anu kumawasa di tilu karajaan badag di Pulo Jawa jeung kakoncara di Asia Tenggara.

Jaman harita, saban raja kudu boga pasaratan.
Boga kaséhatan jasmani jeung rohani anu dieuyeuban ku kamampuh nu sipatna
“tuhu” (kuat dina kasatiaan),
 “tuah” ( kuat lahir batin) jeung
“tulah” (kuat atawa sanggup dina ngahukum deungeun).

Raden Sanjaya, Radén Wijaya jeung Prabu Siliwangi boga éta tilu kakuatan, sabab di tunjang ku pangabisa dina ngajalankeun élmu anu aya dina Kitab Karatuan, nyaéta Kitab Sanghyang Sasanakerta jeung Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu.

Radén Sanjaya ngawasa eusi dua Kitab ajaran. Kahiji ajaran ngeunaan cara-cara ngasejahterakeun nagara, manusa jeung dunya. Ieu ajaran aya dina Kitab Sanghyang Sasanakerta. Kadua, ngeunaan Kapamingpinan jeung élmu perang “Yuddhenipuna mwah Baladhika ning Wadyabala”, atawa di Karajaan Sunda leuwih kajojo ku ngaran Pustaka Ratuning Bala Sariwu. Éta dua Kitab téh sumberna hiji, nyaéta nyokot tina Kitab Sanghyang Watangageung, hasil cipta karya Resiguru Kendan ti Karajaan Tarumanagara, ladang diparéntah ku Raja Tarumanagara ke 10, nyaéta Suryawarman anu kajojo sabdana nu unina: “…ini sabda kalandara rakyan juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsa ndesha barpulihkan haji sunda.”

Saterusna, tina hasil nyutat éta kitab, lahir Kitab Sanghyang Sasanakerta hasil cipta karya Raja Kendan ka-6 nyaéta Kandiawan Déwaraja nu saterusna diwariskeun ka Wretikandayun pendiri jeung Raja Karajaan Galuh. Ari Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu hasil cipta karya Raja Tarumanagara ke 11, nyaéta Prabu Suraliman, diwariskeun ka Prabu Linggawarman, saterusna ka Prabu Tarusbawa pendiri jeung raja munggaran Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.

Radén Sanjaya téh turunan Wretikandayun, ti Mandiminyak. Bapana, katelahna Bratasenawa jadi Putra Mahkota Galuh, dibekelan élmu pangaweruh anu sumberna tina Kitab Sanghyang Sasanakerta bogana Wretikandayun, anu sacara turun-tumurun diwariskeun.

Radén Sanjaya jadi Raja Sunda ku sabab pernikahanna jeung incu sakaligus anak pulung Prabu Tarusbawa nyaéta Putri Téja Kancana. Radén Sanjaya di bekelan Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita éta Kitab di titipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal Ciamis.

Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu diwariskeun minangka pangrojong Tarusbawa ka Radén Sanjaya ku sabab teu bisa mantuan niat Radén Sanjaya, anu hayang merangan Purbasora, nu harita ngarajaan Galuh.

Harita Radén Sanjaya hayang males pati alatan nu jadi bapana, nyaéta Bratasenawa ka kawasaanana di rebut ku Purbasora

Ari Tarusbawa pan harita keur meumeujeuhna nyobat jeung Wreti kandayun, malah nyieun perjangjian moal eudeuk ngaya keun peperangan antara Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.

Malah kapan jauh saméméhna nikahkeun Radén Sanjaya jeung Téja Kancana gé pikeun ngaraketkeun tatali wargi antara Sunda jeung Galuh. Kitu sababna, Radén Sanjaya diwaris jeung di warah sina metu ngagunakeun ajaran-ajaran nu aya dina Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu, nu harita dititipkeun ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal, (ku masarakat mumunggang Gunung Sawal mah, ieu resi téh di sebutna Resi Séda Sakti atawa Séda Suci).

Radén Sanjaya ditugaskeun ku Tarusbawa mraktekeun élmu Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dina numpas kaum karaman (rampog) di wilayah Karajaan Sunda, tur hasil alukkeun karaman.

Ngan saterusna, sanggeus paham pisan dina ngagunakeun taktik tempur Ratuning Bala Sariwu, saterusna Radén Sanjaya gé ngagempur Karajaan Galuh, ngaliwatan titik panginditan ti Gunung Sawal, atawa kurang-leuwih 7 km ka tebéh wétan nujul ka Karajaan Galuh Karang kamulyaan.

Prabu Tarusbawa jadi raja di Karajaan Sunda, leuwih lila dibandingkeun jeung Wretikandayun, sabab ajegna Sunda jeung Galuh téh waktuna bareng. Bédana, umur Tarusbawa waktu dibenum raja di Sunda téh masih ngora kénéh pisan.

Ari Wretikandayun mah basa jadi raja di Galuh téh umurna geus 74 taun.
Tarusbawa bisa jadi saksi sagala rupa kajadian penting nu ka alaman ku Karajaan Galuh sanggeus Wretikandayun tilar.

Ngan baé ari sawaktu Radén Sanjaya jadi raja di Karajaan Galuh mah, Tarusbawa teu nyaksian da baasa Radén Sanjaya keur tatahar eudeuk ngajorag Galuh gé, Tarusbawa mah kaburu tilar deuih. Ti satilarna Tarusbawa, Radén Sanjaya dibenum jadi Raja di Karajaan Sunda.

Sawaktu ngajorag Galuh. Sanjaya ngarasa lébér wawanén sabab ngarasa geus boga taktik tempur anu hébat nu taya babandinganana, nyaéta ladang nyuprih tina Kitab Pustaka Ratunng Bala Sariwu. Raden Sanjaya ngajorag puseur dayeuh Karajaan Galuh di Karangkamulyan, di bantuan ku militér Karajaan Sunda anu tapis ngagunakeun rupa-rupa élmu tempur tina Kitab Ratuning Bala Sariwu. Purbasora katut sakumna balatentarana (nu padahal dibantuan ku Karajaan Indraprahasta ti Cirebon) binasa.. Henteu kapalang, Indraprahasta ogé sarua digempur.

“kaampuhan Pustaka Ratuning Bala Sariwu na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala.” Maksudna, kaampuhan Kitab Pustaka Ratyuning Bala Sariwu geus sanggup meruhkeun Galuh katut ngabinasakeun Purbasora.

Ngarasa boga jangjang, saterusna Radén Sanjaya jadi sakama-kama. Saterusna, inyana mingpin pasukan piukeun ngagempur karajaan-karajaan leutik anu saméméhna kapanggih biluk ka Purbasora. Malah sababaraha karajaan anu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur ogé sarua diperangan sangkan biluk ka manéhna. Radén Sanjaya urang Sunda anu béda, sabab manéhna mah resep pisan ngayakeun peperangan. Malah merangan karajaan-karajaan nu aya di Asia Tenggara sagala rupa dina tarékah hayang ngalegaan kakawasaanana. Ku sabab mindeng unclang-anclong hayang nalukkeun nagara deungeun, Radén Sanjaya nyérénkeun Karaton Galuh Karangkamulyan ka Premanadikusuma turunan Galuh, dibarengan ku Tamperan turunan Sunda Pakuan. Maranéhna diaku salaku raja bawahan Radén Sanjaya. Ti taun 723 tepika 732 Maséhi Radén Sanjaya téh kumawasa di tilu karajaan. Karajaan Sunda, Karajaan Galuh jeung Karajaan Mataram Kalingga.

Malah saterusna, Radén Sanjaya mah milih cicing di Mataram baé ( ti taun 754). Karajaan Galuh disérénkeun ka Radén Manarah (Ciung Wanara) turunan murni Wretikandayun, ti aki Prabu Jantakaj eung bapana Premana Dikusumah. Radén Sanjaya gé nyérénkeun Karajaan Sunda ka Banga, turunan Tamperan, asli turunan Karajaan Sunda.keluarga keraton Sunda Pakuan. Dina saterusna, ieu dua karajaan (Sunda jeung Galuh), diwariskeun ka Jayadéwata tur ka hareupna kakoncara salaku Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi), ngagabungkeun deui Sunda jeung Galuh jiga saméméhna tur ngajengléng jadi Pajajaran.

Sanggeus Radén Sanjaya bumén-bumén di bumi Mataram,
Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dan Kitab Sanghyang Sasanakerta teu jelas di wariskeun ka saha.

Ngan ba ku urang bisa katiténan, karajaan-karajaan nu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur tarapis pisan dina tata-cara ngagedékeun komara nagara,
boh tata-nagara
boh kamilitéran.
Boh raja Jawa Tegah
boh raja-raja Jawa Timur, sanggup ngayakeun ekspansi militér ka pulo-pulo séjén di luar Jawadwipa. Saperti ka Nusa Tenggara Barat, (di ditu tug ka kiwari aya Kota Mataram.)

Kahadiran Wangsa Sanjaya, boga peranan penting tur satata gawé babarengan ngamajukeun Jawadwipa, bareng jeung wangsa séjénna saperti jeung wangsa Wangsa Syailéndra jeung Wangsa Iswara, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Radén Sanjaya téh Gurhyang Duta Laksana (Panembahan Patriot Sunda)

Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Ku: Aan Merdeka Permana
Share:

Rajah Pantun Lutung Kasarung


Bul kukus mendung ka manggung
ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
ka pohaci neda suci
kuring rek di ajar ngidung
nya ngidung carita pantun
ngahudang carita wayang
nyiloka keun nyukcruk laku
nyukcruk laku nu baheula
lulurung tujuh nga bandung
kadalapan keur di sorang

Bisina nerus narutus
Bisina narajang alas
Paliasnerusnarutus
Palias narajang alas
Da puguh galur ing tutur
Ngambat papatan carita

Ti mendi pipasinieun
Ti mana picaritaeun
Ttep mah ti kahyangan

Di tandean cupumanik
Cupumanik astagina

Diwadahan sarat tangan,
Dituruban ku mandepun,
Diteundeun di jalan gede

dibuka ku nu ngaliwat
ku nu weruh di semuna
ku nu terang di jaksana
ku nu rancage di hate

di buka pating haleuang
nu menta di lalakon keun
Share:

Bahasa kolot Jaman Baheula


Bahasa kolot jaman baheula ARI UYAH MAH TELESNA KAHANDAP (buah jatuh tidak jauh dari phonnya) ngandung harti kalakuan anak mah moal jauh tina kalakuan kolot na

tapi teu kitu nanaon oge kumaha didikan ti leutikna , sok sanajan budak lacur atawa budak garong ari di didik ti leutikna ku elmu agama allah mah insya allah eta budak aya harepan jadi ahli ibadah ,

Teu saeutik anak tukang ibadah jadi lacur jadi garong .
Gara gara naon atuh gara gara didikan kolot anu kurang wejes

sok anak teh didik ku elmu agama ulah sampai anak urang hatena kosong tina elmu agama .

Teu bisa ngadidikna ! atu tinggal titip keun ka kiyai ka ajengan ari rumasa teu bisa ngadidik mah

Anak soleh pasti bisa mere safaat kanu jadi indung bapa na
nepi engke ka di yaumil mahsar insya allah

Mudah mudahan anak anak urang sing dijadikeun anak anu soleh tur solehah
Amiiin
Share:

Rajah Pamuka


Balungbung Agung Rahayu
Guminjing Manjing Walagri

Bray Caang Bray Narawangan
Wangi Diri Sanubari
Gorejag Saringkang Ringkang
Rancage Hate Awaking

Ngembatkeun Jalan Laratan Katampian Geusan Mandi
Ka Leuwi Sipatahunan
Leuwi Nu Ngaruncang Diri-Diri Anu Sakiwari

Rek Muru Lulurung Tujuh
Ngaliwat Ka Pajajaran
Bongan Hayang Pulang Anting
Padungdengan Padungdengan
Jeung Usikna Pangancikan
Hung...Ahung

Turun Ti Gunung Gumuruh
Kahujanan Ku Malati
Nya Moyan Di Pamoyanan
Papanggih Jeung Urang Dami
Anu Keur Mener Ngarajah
Madep Ka Dayeuh Kawangi
Hung...Ahung``
Share:

Pepeling Kanggo Diri Pribados


Pangalaman sim kuring tina bab shodaqoh sa jabina ti dinya urang teu sadar yen eta pagawean teh aya dina unggel firman Na ngajalankeun atanapi keur ngamalkeun rohman rohim na pangeran nu maha agung nya eta gusti Allah swt.
Di antarana di hampangkeun jeung di lancarkeun tina urusan duniawi tina jalan anu teu di sangka sangka sa teu acan na 

Kumargi kitu hayu urang hayuh sasarengan di ajar ngamal keun sakaligus migawe pagawean na gusti anu nyata na rohman rohim anu parantos di paparin ka urang maksakeun ngaderma keun nga balanjakeun sabahagian harta urang di jalan allah

Manfaat na tina shodaqoh :
  • Ngadatang keun milik rizqi nu teu di sangka-sangka
  • Nolak kana musibah jeung balai  na
  • Nyageurkeun panyakit
  • Manjangkeun umur
  • Sing yakin nu sayakin yakin na

Mun migawe ku ka hadean, buahna tos tangtu bakal datang kahadean nu raosna rasa na.
Ieu mung sakadar pepeling kangge diri pribados malah mandar aya guna mangfaat na keur balarea. 

kirang langkung na kuring neda si hapunten lahir sareng batin

Kuring nulis jeung kuring apal ku waktu kuring nulisna
leungeun Kuring bakal lenyap ku waktu jeung ku umur, tapi tulisan leungeun kuring pasti bakal 
langgeng di hate nu maca jeung ngaregeup keun na
Mugi .... Rahayu gusti .....rahayu
Share:

Teu Gampang Dina Ngambah Ka hirupan

Teu gampang dina ngambah kahirupan Di dunya

Ditungtun ku SANTUN
Diraksa ku RASA
Dilatih ku PEURIH
Diasuh ku LUNGGUH
Diasah ku KANYA'AH
Disipuh ku KARIPUH

Teu gampang dina ngambah kahirupan.
Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.

Nalika di alam kubur teu aya batur, ukur amal nu baris nungtun.
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.

Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.

Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.
Kasép atawa geulis moal di peunteun, ukur haté anu baris di ajéun.

Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur.Ieu mah ukur jang diri sorangan, simkuring salaku jalma nu pinuh ku kakurangan

Mugia Allah salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang

Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat. Hampura abdi gusti

Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridhoNa
Share:

Lisan Anjeun Pecut Anjeun

Sing saha jalma di dunya teu bisa ngajaga lisan na sorangan tina omongan anu bisa nganyenyeuri perasaan jalma sejen, niscaya hatena pasti di jaga tina rasa nyeuri jeung ka susah ku gusti allah s.w.t
Share: